Sabtu, 12 Juli 2014

PROLOG UPACARA ADAT


1.    Prolog bubuka
Assalamualaikum Wr. Wb.
Kalayan nyebat asmaning Allah, nu maha heman tur nu maha asih, dina mangsa langit bersih lenglang angin nebak na tutugan rasa kaheman, kiwari wanci geus jadi saksi, mangsa jadi tunggara, nya dina wanci ieu pisan acara adat paturay tineung jeng seren siswa baris di kawitan ku acara adat sunda. Sateacan acara adat sunda dikawitan sumangga urang sami-sami sakseni hela kegiatan baris-berbaris ya eta LKBB pikeun bubuka dina acara, anu baris dipimpin ku ujang ………………. Sumangga, wilujeung nyakseni…
2.      Kegiatan LKBB sekaligus pembukaan di acara adat sunda.
3.      Music mengiringi lengser, music berhenti lengser berdiri membongkok di tengah-tengah para hadirin.
Prolog lengser
He,,,,,,he,,,,,,,he,,,,,, sampurasuuuun,,,, sampurasuuuun,,,, sampurasuuuun,,,, kumpul batur-batur kumpul, dulur-dulur ti unggal lembur, baraya ti saban desa, kumpul-kumpul,,, He,,,,,,he,,,,,,,he,,,,,,  hohoooo (batuk) mangkelana cu,,,, ulah gurung gusuh. Ahhhh,,,, aki the kapapancenan, piken ngajejeran iye acara paturay tineng jeng seren siswa kelas 6, rehna aranjen rek ningalken gentrawinaya pendidikan, sangkan bias neruskeun sakola kanu lewih luhur, malar hidep sarerea aya dina mulus rahayu berkah salamet, urang du’aken ku urang sarerea, mugamuga salilana aya dina rahmat Allah SWT.   Aminnnn,,,,, cu,,,,
Ke,,,, ke,,,,, ke,,,, jep. Jarempe hela aki arek jiad du’a menekung ka yang agung
Rajah kidung
Muji sukur ka yang agung
Anu sifat rohman rohim
Rohman anu sifat wales
Rohim anu sifat asih
Nu ngawasa bumi alam
Nyangking langit sapangesi

Dina mangsa akhir taun
Hidep bakal ngalih wanci
Ninggalkeun iye sakola
Nyuprih elmu nu sajati
Gesan tandang makalangan
Mugi aya rahmat gusti

He,,,,,he,,,, he,,,,,,,,, kitu cu,,,, prak geura sayaga ayeuna mah,pinilih baris diangkir papasrahan dek kasorang.yap,,,hiyap,,,, kadie hiyap, anaking jungjungan ati, heureut bae mikadeudeuh anaking dianti-anti. Yu ah,,, para primadona para gulang-gulang sareung para dayang urang lajeungkeun deui.

4.      Music dilanjut mengiringi lengser +primadona+ gulang-gulang+ dayang.
5.      Music berhenti lengser siap berdiri membongkok
Prolog lengser
6.      Murid kelas 6 mulai jalan mengikuti lengser dan di ikuti para dayang
Prolog lengser sebelum sungkeum
Kesep,,,,gelis,,,, samemeh anjeun miang geus sawajibna anjeun samujud sungkeum ka bapa miwah ibu guru suhunkeun pidu’a na sangkan anjeun pinanggih jeung kabagjaan.
Lulusan :
bapak…. Ibu…. Hapunteun abdi tiwit lahir tumekaning bathin rumaos salami ieu abdi teu tumut kana piwuruk, nandingan gunung kahanjakal mandean sanggara tampi bapak… ibu… pangbakti abdi jajapkeun abdi ku pidu’a bapak miwah ibu, hapunten abdi bapak,,, hapunten abdi ibu……
waleran kepala sekolah:
kasep geulis pangbakti hidep katarima, teu geneuk teu melekmeuk harieum deuleu hate bapa jeng ibu, clak putih, clak herang bengras nandingan sutresna caang bulan opat belas jalan geode sasapuan, dihampura anaking ku bapa jeng ibu sawangsulna bapa sinareng ibu nu kudu dihampura ku hidep sakabeh, rumasa bapak kungsi keuheul tunggal teungel estuning reueus rasa kadeudeuh, suntak sentak bongan rasa nyaah ka anak. Bageur salila geuneup taun anjeun nyuprih elmu pangaweruh, hanjakal ayna kapegat ku mangsa kudu papisah. Pileuleuyan,,,pileleyan,,,, sapu nyere pegat simpay, bral anaking geura miang… pidu’a bapa jeng ibu te weuleh marengan.
Epilog lengser
Dulur dulur sakitu nu kapihatur, mudah-mudahan janteun pitutur. Cag,, mugya adbi sadaya janteun presiden babarengan. Aminnn,,,,,,

Mudah-mudahan bermanfaat bagi anda yang membutuhkan
jika anda ingin fail wordnya silahkan kunjung laman berikut -->>  http://www.4shared.com/zip/GtXI3Ouece/PROLOG_UPACARA_ADAT_SUNDA_wrd2.html

2 komentar:

  1. Titanium Strip jewelry with jewelry - TITanium Arts
    Titanium Strip jewelry 2019 ford ecosport titanium with nipple piercing jewelry titanium jewelry - TITanium Arts is a unique and personalized titanium price jewelry piece micro hair trimmer created by TOTO. The ford focus titanium hatchback intricate jewelry consists of

    BalasHapus