Sampurasuuu……….n
Nyukcruk
galur nu kapungkur mapay raratan kolot baheula, wirehna kanca mitra tepang dina
ieu acara sareng ‘ ..................' wawakil ti 'SD .........................', Bade Mekar Carita sunda nu
tos lami katunda, nu di reka kujalma ayeuna, dina jejer carita ; SASAKALA LEUWI
JURIG” , iii….h sereee….m. di kampong Cikondang Desa Cimanggu Kecamatan
Cimanggu Kabupaten Sukabumi aya hiji Leuwi, ayana di Beulah kuloneun Lembur
Cimanggu mangrupakeun sabagian ti wahangan Cibeureum anu jadi wates antara Desa
Cimanggu sareng Desa Boregah Indah.
Pangna
disebut Leuwi Jurig, aya dongengna kieu …… dongengna… teh !
Jep, jep jempe dangukeun…….!
Sabaraha
taun kapengker di Cikondang aya kokolot lembur, anu katelah namina Bah Oha,
ngagaduhan murangkalih hiji lalaki, keur mejeuhna dumeleg namina si Jalu, bakating ku deudeuh
sadidinten lalandihanna si ujang .Ari padamelan sapopoe keur nyumponan
pangabutuh hirupna nandonkeun tina hasil tani , ari pangaresepna nyaeta nguseup
.Gancang carita dina hiji waktos Bah Oha ngjak nguseup ka murangkalihna , kira
– kira tabuh lima sore bari kieu pokna
“Jang …urang nguseup yu ah..?
Nguseup kamana ,Bah ? murangkalihna ngawaler
Urang ngariksakeun anu harita teu beunang tea.
Hayu Bah ...
Bah Oha
jeung murankalihna nuju kahiji leuwi anu teu acanterang naon eta ngaran leuwi teh, leuwi geode caina
caneom hejo bakating kujero, disabudeureuna di ruing ku tatangkalan nu
ngaronyong, mapaes eta leuwi , matak sieun nuninggali . Nya didinya Bah Oha
seja maseban nguseup, ngantosan sugan
jeung sugan aya nu nyanggut, teuneung jeung ludeung taya karempan, pantang
sumerah, sabar nguseupna, teu karaos Kira-kira tabuh du belas peuting….
Pelengkung-pelengkung jeujeur pepelengkungan, tap dicabut diberean teras di
centok bari ditataran, Bah Oha nyarios kanu janten murangkalihna, ngawartosan
yen jeujeur anu dipake kumanehna aya nu nyanggut, bari marentah sangkan
nyiapkeun peralatan maehan eta lauk.
“jang, hudang …aya nu nyanggut!”
“ naon Bah, aya nu nganyut …?
“Yeeh ari maneh ujang, matak ulah beuki
teuing sare oge, lain nu ngayut….nu nyangut… geuwat hudang cekel bedog jeung
batre, bangun gede ieu lauk teh.”
Tilu jam lilana Bah Oha nataran, ti ngawitan
di sanggut antara tabuh dua welas dugi ka tabuh tilu subuh, lauk masih can ka
angkat naon kira-kira eta anu nganggut teh. Ngong tahrim di Masjid kadangu
nandakeun wanci geus subuh , lauk kaangkat.
Bah Oha
sareng murangkalihna taki-taki barang breh reuwas kabina-bina nataran nu sakitu
lilana teh, disangka lubang gede malah geuning hiji tampele nu napel dina eta
useup. Bakating ku ngaraos kesel, pok bah Oha susumbar :
“Sugan mah, jurig etamah …”
Sapada
harita, les tampele leungit, jagat ngarieg, robah jinis jadi hiji mahluk anu
sakitu gedena, Bah Oha jeung murangkalihna olohok, malah cenah buluna rongsob
ampir sagede nyere, hoyong ninggali beungeutna hararese bakating ku jangkung
gede. Bah Oha tanggah ningali semu rada geumpeur , Atuh lain ge kokolot lembur,
luhung ku elmu jembar ku pangabisa terus mapat keun ajian pamakena, les leungit
deui eta mahluk teh.
Teu
antaparah tap kana jeujeur teras
diperenan bari ngajak mulang ka murangkalihna semunu keuheul.
Tah tiwanci harita eta tempat nelah “ Leuwi
Jurig”
Kabehdieukeun
eta Leuwi anu tadina pikasieuneun. Malah jadi pamuruan masyarakat nyalurkeun
pangaresepna kayaning nguseup jeung ngecrik.
Sakitu pamiarsa dongeng anu kapihatur
hapunteun anu kasuhuuu….n
Saninten buah saninten
Dibawa kaparapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan
jika anda ingi fail wordnya silahkan kunjung laman berikut -->> http://www.4shared.com/zip/4x9aolmQba/Leuwi_Jurig.html
Tidak ada komentar:
Posting Komentar